MENDUNG DI UJUNG BANDUNG

Bandung, ka bendung ku gunung
Di sabudeureun incak-incakan jalma nyekel pageuh payung
Na pédah mendung, na pédah embung kérung

Lurat-lérét ka tungtung mega mendung
Geus meujeuhna wanci mulang ka barung
Nguping dangu wanoja anu pundung

Lian pasualan sakeprak kadua émprak
Moal burung lila ngalalana
Najan manah miboga iba kanu tudung, ingsreuk pundung.

Rck, 29 Januari 2014

Komentar